Senin, 09 Juli 2012

Resensi Novel Buron ( Bahasa Sunda )


PURWANING CARITA


Diamparan ku Basmalah bubuka lalangse hate, sangkan bagja tinekanan,najan sakabeh awak-awakan sadar yen dina lumaku sajeroning hirup karempan jeung kahariwang nu manjang datang dina angen satiap inssan, kitu deui dina nyinghareupan poe anu bakal datang, sok sieun leungiteun basa, budaya jeung seni warisan ti sepuh-sepuh urang, saupami urang nitenan kanyataan nonoman kiwari anu ampir leungit jati dirina salaku urang Sunda, boh basa, budaya jeung paripolahna.
Satemenna kabagjaan mangrupa rohmat jeung karunia Allah Subhanahu Wata’ala anu ngarupakeun hak sakumna manusa. Tatar Sunda nu ditakdirkeun hiji lemah cai anu subur turta endah dibarengan ku masyarakatna anu religius tur someah ka semah bari mibanda basa jeung budaya nu nyongcolang salaku ajen jeung inajen diri anu dipatri dina kaluhungan hirup anu resep silih asih tulungan jeung silih tungtun dina ngajalankeun kahadean.



                                                                                                               Cibeber, 2011
                                                                                                                  Panyusun








                                                                                                                                            i
DAFTAR EUSI

PURWANING CARITA .........................................................................................................i
DAFTAR EUSI ........................................................................................................................ii
TUJUAN RESENSI NOVEL ..................................................................................................1
MANFAAT NOVEL ...............................................................................................................1
I. Identitas Buku ......................................................................................................................2
II. Analisis Unsur Intrinsik ....................................................................................................2
III. Analisis Unsur Ekstrinsik ................................................................................................3
IV. Sinopsis ..............................................................................................................................4
V. Kaunggulan jeung Kahengkeran Novel .........................................................................5
PANUTUP






ii
TUJUAN RESENSI NOVEL
1.      Tujuan tina ngaresensi ieu novel anu ka hiji nyaeta kanggo nyumponan tugas mata pelajaran Basa Sunda.
2.      Anu ka duana nyaeta kanggo nambah wawasan dina pangajaran basa  Sunda.
3.      Anu ka tilu nyaeta kanggo ngalatih diri dina karya tulis, jeung ngajelaskeun isi tina novel anu jejerna “Buron” ieu.
MANFAAT NOVEL
Manfaat tina novel ieu teh nyaeta, anu maca ieu novel bisa mawa pangajaran tina bagean amanat-amanat anu aya dina resensi novel ieu, urang bisa ngarobah sikep jadi tambah hade ka nu lian, sapertos anu aya dina novel ieu. Sapertos nu ditepikeun dina resensi novel ieu, yen urang teh tong ninggali jelema ti luarna wungkul, tapi urang kudu nyaho heula sifat, jeung hate eta jelema.








                                                                                                                                                     1
I. ( Identitas Buku )
a. Judul Buku    : Buron
b. Pangarang      : Aam Amilia
c. Panerbit          : www.Google.com
d.Tempat            : -
e. Taun                : -
f. Citakan            : 1, Des 2005

II. ( Analisis Unsur Intrinsik )

a.  Tema:
Jelema anu teu disangka-sangka ti luar katinggalina siga nu gelo, tapi padahal
mah boga hate anu alus pisan.

b.  Palaku jeung Watek Palaku
1. Andika: Teu boga pandirian, teu tanggung jawab tapi sok daek nulungan
 batur
2. Sumirah(Umi): Sabar, tara ngeluh.
3. Alan: budak anu babari akrab jeung batur
4. Wartawan: Tersirat
5. Dokter(Bapa Alan): Bageur, bijaksana.

c.  Galur
Galur anu aya dina novel ieu teh nyaeta galur maju.

d.  Setting
1. Tempat: Di imah, jeung di buruan.
2. Waktu: Isuk-isuk, beurang, jeung sore.
3. Suasana: Pikasediheun

e.  Sudut Pandang
Orang ka hiji, palaku utama

f.   Amanat
Ulah nempo jelema ti luarna hungkul, tapi hatena oge kudu nyaho.                                    


2
III. ( Analisis Unsur Ekstrinsik )

a.  Nilai-nilai anu Aya Dina Novel
1.  Nilai sosial
Nilai sosial anu aya dina novel ieu nyaeta, jelema anus ok nulungan batur anu
keur kasusahan.
2.  Nilai Budaya
Nilai budaya anu aya dina novel ieu nyaeta, warga lamun nempo nu gelo the,
sok dibabetan
3.  Nilai Moral
Nilai moral anu aya dina novel ieu nyaeta, lalaki anu boga hate bageur.













                                                                                                                                                     3
IV. ( Sinopsis )

Andika jelema anu teu boga pendirian, teu tanggung jawab kapamajikana, tapi anu jadi pamajikana nyaeta Sumirah, tara ngeluh, sabar ninggali kaayaan salakina kitu, Andika di lemburna teh sok disebut nu gelo ku sabab ninggali manehna luntang-lantung teu puguh, barudak leutik lamun nempo Andika sok dibarabetan, nepika keuna kana sirahna pas kitu Andika lumpat ka dapuran cau, pas keur nyumput Andika nempo budak anu keur minta tulung ku sabab sukuna ka cugak beling.
Andika mawa budak eta ka imahna tuluy ku manehna jeung pamajikanana diubaran, manehna tuluy ngobrol jeung budak eta. Sanggeus ngobrol, budak teh langsung dianteur ka imahna, tuluy Andika jeung pamajikana reuwas lantaran aya dokter padahal dokter eta teh bapana budak anu ditulungan ku manehna. Tuluy dokter eta teh ngahaturkeun nuhun ka Andika, ceuk dokter masih keneh aya jelema nu nulungan tanpa pamrih.












                                                                                                                                                     4
 V.  ( Kaunggulan jeung Kahengkeran Buku )
-    Kaunggulana :
Kaunggulan tina novel ieu nyaeta, babari dibaca, lengkep, jeung singket.
-    Kahengkeran :
Kahengkeran tina novel ieu nyaeta, teu aya biografi pangarang, terus
identitas bukuna teu jelas, tuluy bahasana kurang kaharti, caritana teu
kohesif.






















5
PANUTUP

Alhamdulillahirabbil’alamiin, Puji syukur ka gusti Allah SWT, ku ijin_Na ieu resensi novel teh tiasa rengse dina waktosna, mudah-mudahan resensi novel ieu teh tiasa manfaat kanggo anu maca, upami aya kalepatan boh dina kalimat, atanapi kecap, eta sadayana kulantaran nuju dina proses diajar, mung sakitu resensi anu tiasa didugikeun, hatur nuhun ka sadayana pihak anu tos ngabantosan, hapunten dina kalepatana, upami aya saran kanggo hasil resensi novel ieu, diantos pisan.

2 komentar: